23. I
R I A N
( 1 )
Moal
rek sugema sapanjang Irian can asup lingkungan RI Kesatuan
Irian! Irian!
Pulo
nu jadi harepan
Masih
ngajadi jajahan
Digenggem
ku anu lian
Dijaga
ditohagaan
Keukeuh
keudeuh ku Walanda dipageuhan
Tetep
jinek, teu bebas tina “tuntutan”
( 2 )
Moal
kumapalang jadi perjuangan, siasat kaluar ku babadamian
Irian! Irian!
Jadi
medan
percaturan
Keur
merjuangkeun irian
Keur
ngudag hak bebeneran
Taya
lian “Persatuan”
Buleud-gembleng,
rahayat sabilulungan
Teuneung-ludeung,
runtut rukun sauyunan
( 3 )
Bari
merjuangkeun ngamilik Irian, pacuan rek poho kaayaan Pasundan
Irian! Pasundan!
Bias
aman babarengan
Sopo
temen tinemenan
Moal
burung tinekanan
Ku
senjata persatuan
Reugreug-pageuh,
bias mibanda Irian
Ayem-tengtrem,
Pasundan pinanggih aman
24. IRIAN DAYEUH NU KULA
Agus Sur
Putri peuntaseun sagara
Gupayna ombak lautan
Putri kiwari keur nganti
Teureuh Nusantara asli
Ayeuna kula geus datang
ngabela harga manusa
Ayeuna kula geus datang
ngajaga ngusir durjana
Anu kula nagri ieu
Salju sapanjang buana
Anu kula dayeuh ieu
Biru laut jeung langitna
Saha pijalmaeunana nu wani
ngaranjah nagri
Pasti ancur sagalana ku
putra putri Pertiwi
Putri Salju, Putri Salju,
hate kula nu manehna
Putri Salju, Putri Salju,
hate kula ti manehna
Urang datang urang mulang
di tempat anu sarua
Dayeuh aheng pangancikan Indonesia
sawawa
Bandung, 24 Januari 1962
25. ISTRI TAMPIKAN
( 1 )
Daek
milih ka Engkang, PAMINGPIN BESAR
Deuh
sagala aya, terhormat jeung beunghar
Deuh
narah, moal bade sadrah
Sok
inggis Pamingpin palsu
Pakaya
beunang titipu
Abdi
rempan sieun jadi korban (aduh)
Abdi
moal bibilasan
( 2 )
Daek
milih ka Engkang, AHLI PIDATO
Deuh
pertentang gandang, ku batur kajojo
Deuh
ampun, sanes teu kayungyun
Sok
inggis dirumah tangga
Pidato
jadi “senjata”
Menta
blanja dibere pidato (aduh)
Abdi
moal mikasono
( 3 )
Daek
milih ka Engkang, KAPALA KANTOR
Deuh
Engkang kawasa, mo aya nu negor
Deuh
narah, moal bade leah
Song
inggis diteler-teler
Sapedah
manggih nu maher
Maen
mata jeung Klerek wanita (aduh)
Abdi
mah moal percaya
( 4 )
Daek
milih ka Engkang, PEGAWAI TINGGI
Deuh
gajih genep B, tuh mobil sayagi
Deuh
narah, da abdi mah cacah
Sok
inggis dikantun turni,
Teu
betah calik di bumi
Geuning
sering meninjau nguriling (aduh)
Tilu
minggu tara sumping
( 5 )
Daek
milih ka Engkang, SUDAGAR BEUNGHAR
Deuh
keur lubak libuk, gedongna ngajajar
Deuh
narah, moal tumaninah
Sok
inggis rucah awuntah
Pakaya
modal keur nikah
Popotongan
di unggal pengkolan (aduh)
Hawa
duit sok rayungan
( 6 )
Daek
milih ka Engkang, PANGURUS PARTE
Deuh
ngamudi ra’yat ku jalan nu hade
Deuh
hamo, inggis pareng moho
Ti
beurang Organisasi
Ti
peuting Administrasi
Rumah
tangga teu kapirosea (aduh)
Abdi
bade ngemut heula
( 7 )
Daek
milih ka Engkang, PAMINGPIN SENI
Deuh
sohor kamsyhur jiwa nu “berbudi”
Deuh
narah, sok inggis sarakah
Micinta
kana sorana
Tungtungna
ka jelemana
Seni
swara jadi “seni mata” (aduh)
Moal
aya nu mercaya
( 8 )
Daek
milih ka Engkang, LUITENANT SATU
Deuh
sakeudeung deui promosi geus tangtu
Deuh
narah, moal bade sadrah
Keur
sare paur ngalindur
Ngabedil batur sakasur
Sareng rempan,sok inggis rayungan
(aduh) Abdi moal nyaluyuan
( 9 )
Daek
milih ka Engkang, KABAYAN LUCU
Deuh
gajih mucekil ti dieu ti ditu
Deuh
rempan, sok seueur alesan
Pajarkeun
rapat di kantor
Sihoreng
tos udar ador
Rek
latihan, horeng “peperlipan” (aduh)
Bade
ngemut heulaanan
( 10 )
Daek
milih ka Engkang, AGEN PULISI
Deuh
tandang ngajaga, parabot sayagi
Deuh
kapok, kapungkur paamprok
Nalika
tumpak sepeda
Ditangkep
taya hampura
Pedah
sepedah, teu aya penengan (aduh)
Rupina
moal laksana
( 11 )
Daek
milih ka Engkang, PAMINGPIN KOMIK
Deuh
Engkang popular, di barudak leutik
Duh
rempan, inggis kasurupan
Ngadadak
jadi Rahwana
Mucinta
istri nu riba
Hayang
ngapung ngudag-ngudag gelung (aduh) Abdi mah inggis kapahung
( 12 )
Daek
milih ka Engkang, darah PATANI
Deuh
beunghar ku beas, henteu kudu meuli
Duh risi, inggis kurang aksi
Panganggo baraseuh ngucrak
Jareblog pinuh ku leutak
Artos ijon, inggis moal cumpon (aduh)
Hirup hamo bias jongjon
( 13 )
Daek
milih ka Engkang, WARTAWAN LEUTIK
Deuh
beunghar kanyaho social politik
Duh
rempan, inggis hese jajan
Sanajan
vulpen na tembong
Dirampa
kantongna kosong
Cari
b’rita, mindeng jalan kaki (aduh)
Abdi
moal bade nampi
( 14 )
Daek
milih ka Engkang, JAGO BADMINTON
Deuh
mun geus bayangan, Sonneville ge kawon
Duh
ajrih, inggis henteu tanjrih
Siang
jeung wengi amengan
Badminton
kamalinaan
Meser
reket, prima kualitet (aduh)
Rumah
tangga kurat-karet
( 15 )
Daek
milih ka Engkang, DALANG PERTENTANG
Deuh
teu boga hutang, sabab loba nokang
Duh
duka, teu matak kabita
Payu
ge sok mawa curang
Ka
unggal Pasinden hayang
Anu
lengoh henteu kaop bongoh (aduh)
Abdi
mah moal karooh
( 16 )
Daek
milih ka Engkang, ELIT PARLEMEN
Deuh
hasil pilihan ngajadi “gegeden”
Duh
ampun, moal kumawantun
Geus
hasil inggis ngahenen
Ka
nasib ra’yat teu open
Ra’yat
sedih tetep elih-elih (aduh)
Abdi
oge ngiring sedih
( 17 )
Daek
milih ka Engkang, OMROEPER RRI
Deuh
soara ngoncrang, pinuh ku pangarti
Deuh
sidik, gajihna saeutik
Mending
ge ka tukang Goong
Gamelan
Studio Bandung
Timbul
cinta, mun katingal harta (aduh)
Moal
waka nyebat “mangga”
26. JALAN & KOTA
( 1 )
Sapatu coplok hakna,
dikalipsol tohaga
Make paku handapna, jalan
ruksak
Tumpak beca pelesiran
Diuk ungkleuk-ungkleukan
Gubag-gabig muatan
Jalan ruksak
Bandung kota kembang,
harurung harerang
Jalan gede leutik, piraku
teu wareweg
Jalan ulah jeblog, tong
ruksak taregtog
Beca delman gumbira
(geuning) malayar pajeg
( 2 )
Jalan-jalan
diatur, sina herang ngagenclang
Tisoledat nu leumpang,
jalan kota
Nu daragang diatur
Ulah maser di jalan
Bere tempat nu sopan
Kota resik
Berjuang keluar
Siasat nu jembar
Tapi ulah lali
“perjuangan kedalam”
27. JALAN NONGGOH CIPAGANTI
Wahyu Wibisana
Mun
kangen geus ngajak tepung
Jalan
nonggoh Cipaganti
Pamepes
panglipur gandrung
Moal
weleh kapiati
Na
iuh-iuh kakayon
Jalan
nonggoh Cipaganti
Kapireng
hariring halon
Ti manehna
nu keur nganti
Na
sela-sela ki hujan
Jalan
nonggoh Cipaganti
Katembong
nu ngagupayan
Lumenyap
rasaning ati
Kuma
hate teu rek nineung
Da
tineung menta pajeueung
Imut
bulan keur tumanggal
Panon
lemu lindeuk gupay
Kuma
hate teu rek deudeuh
Da
deudeuh geus teu kaampeuh
Hayang
panggih jeung nu jangji
Nu
jangji di Cipaganti
Mun
kangen geus ngajak tepung
Jalan
nonggoh Cipaganti
Lagu
gandrung Arum Tanjung
Manehna
tangtu keur nganti
Bandung, 4
Juni 1960
6 Juli 1960
28. J A L I R
S A R
( 1 )
Tuh
panonpoe saksina
Jeung
alam katut eusina
Malah
bentang anu peuting
Baranang
gigireun bulan
Pada
milu mencrong melong
Kabeh
pada nyaraksian
Pada
milu mencrong melong
Kabeh
pada nyaraksian
Basa
manehna keur wakca
Ngedalkeun
eusi hatena
Kuring
kapaksa percaya
Masrahkeun
raga jeung nyawa
Hate
katut jeung eusina
Walungan
jadi saksina
( 2 )
Mun
angin bisa nyarita
Manehna
tangtu balaka
Pan
manehna nu harita
Galindeng
mawa subaya
Ngukir
jangji jeung pasini
Reka
basa rungga renggi
Padahal
surya can robah
Bentangna
nu eta keneh
Bulan
purnama can ingkah
Langit
tetep teu marudah
Nu geus
jangji henteu tigin
Nu
subaya geuning jalir
( 3 )
Cing
alam anu nyaksian
Yeu
kuring menta bantuan
Pangjugjugkeun
sing kateang
Eusi
hatena rampaan
Sugan
bisa diteuleuman
Kuring
nunggu kaputusan
Mun
manehna mulang deui
Pok
mawa putusan jalir
Mupus
pasini nu tadi
Kuring
moal arek aral
Moal
baha kana kadar
Rek
tumamprak kana takdir
Bandung, 1 Juli 1959
29. J A T I L U H U R
Agus Sur
Jatiluhur titinggal para
karuhun
Kiwari ganti wandana
Leuh… geus jadi dayeuh
Demi hirup jeung huripna
Demi hirup jeung laguna
Citarum sing jadi arum
Tirta wening kahirupan
Jatiluhur hirup nanjeur
dina galur
Langitna ngembat rumpaka
Leuh… puseur kadeudeuh
Jatiluhur dayeuh urang
Jatiluhur ngan keur urang
Dibungkus sewu turunan
Ngundeur geugeut
kalangenan
Muga-muga carita ieu sing
lana
Tada teuing gemah ripah
Nusantara
(deuh) adil mamur laksana
sakur pamenta
Meureun reugreug nagara
katut rayatna
Bandung, 27 Pebruari 1962
30. K A M U N I N G
Wahyu Wibisana
Kamuning
Ligar di taman hiang
Kalangkang asrining purba
Pajajaran na ciptaan
Kamuning
Asri’na puspa putih
Dalinding wangi bihari
Arum sanggul Citraresmi
Kangen kuring kanu anggang
Kamuning tanda subaya
Dipetik bulan kamari
Duh….. wangi
Puspa wangi Kamuning tanda
subaya
Kembang kusuma hiang
Dalinding wwangi ati
Pameunteuna kapiati
Bandung, 26 Mei 1961
31. KARATAGAN DIVISIE SILIWANGI
Dangah gagah, hijrah
rongkah
Gerak “Long March”
Siliwangi
Henteu geumpeur, teu
galideur
Najan nyanding korban
bakti
Kariweuhan – kaonaran
Disangga ku katabahan
Henteu ringrang teu
honcewang
Ngabela kamerdekaan
Duh Siliwangi
Tanjrih perihna berjuang
Tawekal bebela teu aral
subaha
Rela ngagem pancen, deuh!
Pantrang wangkelang
Siliwangi dharma bakti
Pinuji unggul darajat
Kaamanan – pangwangunan
Digarap sumanding ra’yat
Ngagem ajen geten titen
Jeung ra’yat sabilulungan
Nagri subur rayat ma’mur
Tujuan karaharjaan
Duh Siliwangi
Nungtut elmu nambah hojah
Nyebarkeun atikan,
museurkeun latihan
Ngisat nguji diri, deuh!
Teu bengkok sembah
Siliwangi ahli bakti
Ngabdi ka Ibu Pertiwi
Tegang pati lali rabi
Ngaraksa ngabela nagri
Siliwangi titi surti
Tigin yakin ka salira
Pantrang baha ngijing sila
Ngagem dasar Pancasila
Duh Siliwangi
Hamo sungkan bibilasan
Angkara durjana
Nu ngancam nagara
Putra Siliwangi
Deuh saged ngayonan
Bandung, 2 Mei 1961
32. KARATAGAN KUJANG PUTRA
RE Hidayat S
Kujang Putra beungkeutan
urang
Pamungpungan nonoman
sirung harepan
Kujang Putra tandang
bajoang
Ngangkat ajen seni budaya
ka-Sundaan
Kujang Putra beungkeutan
urang
Pangipukan andelan kusuma
bangsa
Kujang Putra pantrang
honcewang
Ngagem pancen ngangkat
darajat Ki Sunda
Kujang Putra, Kujang Putra
Muga hirup jeung huripna
Dirgahayu Kujang Putra
Dirgahayu keur Ki Sunda
33. KARATAGAN PAJAJARAN
PAJAJARAN
Universitas di Bandung
Pajajaran lambang kamajuan
Panaratas jalan narawangan
Pajajaran panyungsi
pangarti
Sajatining harti nu hakiki
Pajajaran tempat nyiar
elmu
Ngagayuh panemu nu saestu
Pajajaran mupuk kamekaran
Budi jeung pikiran
kaahlian
Pajajaran kagurnita
Sekar Arum kaagungan lemah
cai
Hibar sinar Nusantara
Tuduh jalan para
seuweu-siwi Nagri
PAJAJARAN
Universitas di Bandung
Pajajaran jadi panyileukan
Jiwa nu ngukuhan
kaluhungan
Pajajaran ngipuk jiwa
sukma
Pahlawan nagara Indonesia
Pajajaran lir cahaya
gumilang
Nyingraykeun panghalang
alam padang
Pajajaran mancarkeun
komara
Ka mancanagara sabuana
Pajajaran pancen dharma
Gemet getem ngalaksanakeun
tujuan
Cita-cita nusa bangsa
Panteng keyeng mikangen
karahayuan
Catetan:
Minangka panganteb kana jiwa
ieu lagu (illustratie) aya saena upami pangkatna dipayunan ke “sekar macapat”
anu nganggo rumpaka:
“Pajajaran tilas Siliwangi
Wawangina kasilih jenengan
Kiwari nya dayeuh Bogor……………….”
Bandung, 2 Pebruari 1961
34. KARETA
API
( 1 )
Mapay erel jalan anu tangtu
Ngagem pancen rintih nya
lumaku
Handaruan jalan muru waktu
Ngatur kacepetan teu ngawagu
Ngageleser maju lalauan
Beuki lila jalan,
ngagancangan
Taat galideur kreta api khusu
Taat kumawula kana waktu
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
-
Karcis nona perlihatkanlah
padaku!
+
Mangga kasanggakeun sadayana tilu
-
Kenapakah ini hanya ada dua?
+
Bapa mah ngabohong, kapan eta tilu
-
Duh nakal! Tuh lihat!
Karcis yang ketiga, tuh! Kartu domino
+
Rumaos hilap, artosna teu cekap
Badi
mayar dengdaan, engke tos tutup bulan
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
( 2 )
Setatsion dipapay taliti
Anu naek turun ganti-ganti
Dina bordes ribut balawiri
Panumpang paciweuh,
napsi-napsi
Turun unggah panumpang
pajejel
Sawareh hayang pacekel-cekel
Nunggu rintih beresna
panumpang
Kareta ngadago teu hariwang
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
-
Naek kreta masuknya dari
jendela!
+
Kapan ngarah salse milih pangdiukan
-
Kenapakah tidak melalui
“bordes”
+
Kapan pasesedek, di “bordes” teu aman
-
Duh nakal! Duh nakal!
Nona harus turun dan bayar dendaan
+
Eta mah gampil, dengdaan dicicil
Turun
ayeuna kagok, mending caket rorompok
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
( 3 )
Tanggung jawab kapala
statsion
Nyekel tanda beureum dina
peron
Kreta api maju lalaunan
Ngahoang disada handaruan
Pa Kanektur ngatur kaberesan
Sakumna panumpang dititenan
Dipariksa karcisna taliti
Tata tertib diatur taliti
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
-
Siapakah yang empunya anjing
ini
+
Ieu anu abdi anjingna satia
-
Untuk anjing sedia tempat
yang khusus
+
Sawios di dieu moal ngegel Bapa
-
Duh nakal! Duh nakal!
Nona harus lekas membayar dendaan
+
Taya dengdaan, teu aya penengan
Taya
rante brongsong, inggis anjing dieurad
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
( 4 )
Mapay erel jalan nu tangtu
Ngagem tugas rintih lumaku
Ngadius jalan mangprung
Tabah teu ngawagu
(ngadius kreta api, jalanna
ati-ati)
Teu galider lumaku khusu
Teu bosen bengbatan
Ngabdi kana waktu
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
-
Siapakah yang narik
erem-bahaya
+
Abdi tanggung jawab, Bapa ulah ngutruk
-
Harus bayar sekian puluh
rupiah
+
Aya ge lippenstip jeung Kartu Penduduk
-
Duh nakal! Duh nakal!
Apa sebab menarik erem-bahaya
+
Margi ngadadak, cilaka ngagentag
Gelung
pedral tikait, coplok ngacleng kaluar
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
Hoang, garang, tandang,
gandang
Nyebrut, segut, gagah, dangah
35. K A S E H A T A N
( 1 )
Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
Sarat mutlak nu utama
(ma)
Wajib diraksa (diriksa) ku sarerea (sakumna)
Sangkan pinanggih waluya (jagjag waringkas)
Kasehatan
(diraksa) – kasehatan (dijaga)
Henteu kurang mangpaatna
(na)
Masing taweksa (waspada) ngarariksana (sing nyata)
Tan wande manggih nugraha
Hey!
Batur jenuk di kampung-kampung di kota
Masing waspada, mun gering hese ubarna
Lamun
geus riupuh, badan diserang panyakit
Ungkleuk! Ungkleuk! Ka Rumah Sakit
Pa Dokter! Pa Dokter! Cobi abdi parios
(terasna gunem catur : Dokter – Pasien)
RS:
Sumangga ngiringan tumut nasehat Bapa
( 2 )
Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
Perlu titen ngariksana
(na) Dunya barana (pakaya)
taya hargana (teu guna)
Mun badan kagunasika (teu sehat badan)
Kasehatan
(diraksa) – kasehatan (dijaga)
Luhur kuta gede dunya
(nya)
Loba kaboga (pakaya) badan teu sehat (walurat)
Abisi
pinanggih masakat
Hey!
Balarea, basmi panyakit sing giat
Sanajan gandang munteu sehat, teu mangpaat
Karasa
ripuh nyeri huntu jeung gugusi
Delman! Delman! Ka dokter gigi
Pa
Dokter! Pa Dokter! Cobi abdi parios
(terasna
gunem catur dr. Gigi – Pasien)
RS:
Sumangga ngiringan tumut nasehat Bapa
Kasehatan (diraksa) – kasehatan (dijaga)
Ulah rek rasa mokaha
(ha)
Kabersihan (titenan) kudu dijaga (piara)
Kana diri sing rumaksa ( apik berseka)
( 3 )
Kasehatan
(diraksa) – kasehatan (dijaga)
Lamun geus gering saeutik
(tik)
Gancang pariksa (sing titen) ka Poliklinik (sing gancang)
Menta ubar jeung disuntik
Najan
keur bungah, pikir pinanggih guligah
Duh, nyeri dada, lantaran “Batuk berdarah”
Keur
bungah oge, lain seuri, tapi ceurik
Beca! Beca! Ka Poliklinik
Pa
Dokter! Pa Dokter! Cobi abdi parios
(terasna gunem catur Dokter – Pasien)
RS:
Sumangga ngiringan tumut piwejang Bapa
36. K A S E N I A N
( 1 )
Kasenian miwanda kreasi anyar
Mindeng
kamalinaan kuma ceuk ramena pasar
Lagam India,
Senggol Malaya
Dicampur
disusun,
Dipirig
gamelan Sunda
Sakapeung
diibingan, sakapeung dijogedan
Kawih
Sunda nyanding musik, kawih musik ku gamelan
Pelog
jeung Salendro nyirorot kurang pasaran
( 2 )
Kasenian jalan kalemesan jiwa
Jalan
tarahal nanjak, pinuh gogoda rancana
Napsu
birahi jeung leumpeuh yuni
Mun
hese dibendung, seni tanwande mateni
Miasih
nu keur ngawih,
Mieling
nu keur ngibing
Lucu ku
karya senina, disambung ku perkenalan
Medan seni
musna diganti ku “peperlipan”
( 3 )
Kasenian bersifat “non coumercieeel”
Bukanlah
jual beli, tapi perhitungan adil
Ongkos
latihan, ongkos hiasan
Ongkos
ini itu, jumlahna rada lumayan
Ditambah
uang suka,
Keur
lipstik oge perlu
Ongkos
keur administrasi, bayar komisi jeung catut
Reken
total jendral, cukup keur meuli treuk butut
( 4 )Kasenian sakapeung turun komara
Dipake
“cari untung” kunu jadi “perantara”
Ku
propaganda, ku adu harga
Untung
zonder modal keur kantong “anemer seni”
Teu
kudu ilubiung,
Teu
kudu milu manggung
Datang
masrahkeun rombongan, bari nampa pembayaran
Anemer
mucekil ku karya para seniman
( 5 )
Kasenian nyawang nyipta kaendahan
Pangrungu
jeung paninggal mibutuh kasugemaan
Sora
halimpu, imutna lucu
Dipandang
disawang timbul inspirasi baru
Garapan
reureujeungan
Latihan
rerndengan
Daya
cipta jadi suda
Kreasi
mandeg kapahung
Leungit
inspirasi
Timbul
hasrat hayang nyandung
37. KIDUNG
BANDUNG
( 1 )
Kota kajojo pisan
Ku ra’yat ungal
lapisan
Bandung kota
Priangan
Narik ku karamean
Meletna ku karesikan
Bandung kota Priangan
|
Bandung direka-reka
Niron kota Amerika
Bandung kota
Priangan
Deungeun pinter
ngaturna
Piraku urang teu bisa
Bandung kota Priangan
|
Sasakala Bandung Sangkuriang
Dina keur dibobodo sulap ku
boeh raring
Waktu keur ngabendung situ
kaburu beurang
Pugag nandangan wiwirang
Aduh Bandung narik perhatian
Pedah kota dilingkung gunung,
hawa sedengan
Hawa narik asih, seger keur
kasehatan
Pada muru ngajugjugan
( 2 )
Setrat jeung
jalan-jalan
Dililimit diherangan
Bandung keur diomean
Tong wungkul
diaspalan
Rek dibeton sakalian
Bandung keur diomean
|
Imah panggung dipager
Dibeberes dibebener
Bandung keur pembangunan
Jaga mah gedong
marmer
Dipasieup
Wolkenkraber
Bandung keur pembangunan
|
Tingrunggunuk Bandung
nyanding gunung
Dayeuh lega tur endah resmi
heurin ku tangtung
Hegar ngagulidag wahangan
Cikapundung
Ngandung sajarah linuhung
Aduh Bandung hareurin ku
tangtung
Tempat keur pangungsian jalma
ti kampong-kampung
Kota
pinuh sesek hareurin tempat mungpung
Pangbeberah nu keur wuyung
( 3 )
Angkeub luhureun kota
Ngaguruh kapal udara
Bandung keur pembangunan
Ti lengkong ka jamika
Ngabonceng kapal
udara
Bandung keur pembanguan
|
Kretek beca jeung
delman
Kusirna jag amah
dangdan
Bandung keur pembangunan
Didasi disetelan
Nyupiran seprolet
sedan
Bandung keur pembangunan
|
Bandung
jadi catur kacapangan
Kota
nuju ngawangun ngeusi kamerdekaan
Gedong jalan-jalan lucu sieup
sinaran
Bandung
kota Priangan
Aduh bandung tempat pelesiran
Beunghar ku pamandian resik
jeung patamanan
Mashur Cihampelas endah jeung
Situ Aksan
Keur mungkurkeun kasukiran
( 4 )
Di statsion rariweuh
Konektur mungguh
paciweuh
Bandung keur pembangunan
Panumpang milih keukeuh
Kareta di jero taneuh
Bandung keur pembangunan
|
Buruh leutik
garandang
Imahna gedong caraang
Bandung keur pembangunan
Hirup cukup tur
senang
Palias teu mikir
hutang
Bandung keur pembangunan
|
Hurung herang Bandung tempat midang
Tamu ti sakuliah Nusa pada
daratang
Pada nyandak mobil sedan
baranang siang
Aduh Bandung tempat midang
Hurung nangtung Bandung siang leumpang
Pusat kota raresik sari lir taman kembang
Kota
narik asih taman endah caraang
Aduh Bandung tempat midang
( 5 )
Buruh leutik marahi
Teu ngarepkeun
distribusi
Bandung keur pembangunan
Udud hayang kumaki
Surutu saringgit hiji
Bandung keur pembangunan
|
Nyuluk jeung poni
ceuyah
Gelung pedral unggal
sirah
Bandung keur pembangunan
Ma’Koki jadi mewah
Make heskut jiga
jubah
Bandung keur pembangunan
|
Hurung herang Bandung tempat midang
Lampu di jalan ngebrak kawas
beurang
Hegar pangbeberah manah nu
nuju bingbang
Aduh Bandung tempat midang
Hurung nangtung Bandung siang leumpang
Mobil sedan pating gurilap
herang ngagenclang
Sieup nu tunggangna, lucu
sami garandang
Aduh Bandung tempat midang
38. KOPERASI
( 1 )
Hiji
syarat pikeun kama’muran nagri
Persatuan
Buruh Dagang reujeung Tani
Sauyunan
gembleng tekad saati
Sabeungkeutan
repeh rapih ngahiji
Ngahadean
jalan ekonomi
Ngatur
dina wujudkoperasi
Perbawana
resep apik kana rijki
Hiji
jalan utama (geuning)
keur
rikrik gemi
Alok :
|
Rahayat sabilulungan ngahiji
Ngawujud hiji Badan Koperasi
Anggota diwangun ku para umpi
Latihan ngeureut miceun rikrik gemi
|
( 2 )
Taya
deui nya ku jalan babarengan
Ngeureut
miceun nyengcelengan rereongan
Meuli
andil uang pangkal cumponan
Dikuatan
modal pausahaan
Usaha
keur urang sarerea
Keur
sing saha nu jadi anggota
Kahareupna
tina pangasilanana
Kabeh
bisa kabagi (geuning) rata walatra
Alok :
|
Ray beurang ganti poe datang bulan
Teu kendat direwong ku kaperluan
Bahruteng diijir teu weleh sungkan
Jampena Koperasi tohagaan
|
( 3 )
Jaba
pikeun kauntungan kahareupna
Bisa
mayeng sugrining para anggota
Kacumponan
keur kaperluanana
Barang-barang
eukeur sapopoena
Kaperluan
bisa katedunan
Keur
tunggara bisa katulungan
Bula
beuli sulang selang kacumponan
Ti
Koperasi urang (geuning)
harga
entengan
Alok :
|
Diitung gajih teu weleh honcewang
Dibagi tilupuluh tetep kurang
Paksakeun misahkeun keur koperasi
Didikan resep apik kana rijki
|
( 4 )
Memang
gede paedahna Koperasi
Ku
rahayat geus kauji jeung kasaksi
Babarengan
nguatan ekonomi
Sumbur
ma’mur ra’yat katut Nagari
Pareng
lamun ekonomi sehat
Ra’yat
menyat nagri pasti kuat
Ku
kituna pinasti unggah darajat
Dipercaya
ku deungeun (geuning)
pada
ngahormat
Alok :
|
Geus asup anggota ti Koperasi
Setoran dicumponan jeung gumati
Ngeunahna laun-laun ge karasa
Sihoreng gajih ge geuning te nyesa
|
39. K R I D A
Unggal Saptu khusu satuhu
Nempuh Krida di sakola
Nambah hojah, elmu panemu
Meuseuh diri nu sampurna
Krida – Krida
Nyampurnakeun atikan
Krida – Krida
Mupuk jiwa Pahlawan
Unggal Saptu nempuh latihan
Dina widang kasenian
Olah raga bareng garapan
Karya kamerdekaan
Krida – Krida
Nyampurnakeun atikan
Krida – Krida
Mupuk jiwa Pahlawan
Daya Krida sanggup nyumponan
Atikan kapribadian
Na raraga hojah usaha
Wujudna “Panca-Wardana”
Krida – Krida
Nyampurnakeun atikan
Krida – Krida
Mupuk jiwa Pahlawan
Bandung, 8 Nopember 1961
40. LALAKI PAJAJARAN
Agus
Sur
Lampung
jambulna geus undur
Gelap
Nyawangna geus miang
Kidang
Pananjung ditundung
Ngantun
dayeuh Pajajaran
Suwung
lagu juru pantun
Sepi
gending suni dangding
Pajajaran
samagaha
Pajajaran
kaleungitan
Kiwari
nitih wanci
Lalaki
Pajajaran
Datang
deui, Juragan
Tatandang
deui
Datang
berjuang
Gandang
pertentang
Tihothat
tatandang
Ayeuna
datang mangsa
Lalaki
Pajajaran
Ajeg
deui, Juragan
Gulungtangan
tandang deui
Ajeg
samakta deui
Raga
sukma pinuh tangtungan ageman
Kula
datang gaganti nu lawas ilang
Demi
bumi wujud aheng Pajajaran
Demi
ajen galeuh agung Pajajaran
Bandung, 20 Juni 1960
41. L A M U N A N
( 1 )
Lamun beunghar entong kapalang
Lalugina taya kakurang
Pasti cumpon kabeh
kahayang
Henteu kudu hese berjuang
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Kemis, Jum’ah, Saptu,
Minggu
Unggal poe ganti baju
Unggal poe jadi ratu
Unggal poe tolak ruju
( 2 )
Lamun pareng jadi nu kaya
Ngatur ngolah dunya barana
Pamaksudan kabeh laksana
Ngumbar napsu nganteur
panggoda
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Hiji, dua, tilu, opat
Loba jalma nu ngahormat
Loba jalma jadi sobat
Loba nu sirik nu hianat
( 3 )
Lamun beunghar entong kapalang
Cita-cita kabeh kasorang
Reugreug pageuh moal salempang
Teuneung ludeung gandang
pertentang
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Manis, paing, wage, kliwon
Unggal pasaran geus cumpon
Unggal waktu p’lesir
jongjon
Unggal waktu angkat
nongton
( 4 )
Luhur pangkat pada ngajenan
Unggal waktu nampa laporan
Ka bawahan mahal pujian
Talang tulung zonder
buruhan
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Maret, April, Mei, Juni
Unggal bulan gajih mahi
Loba ngahutangkeun budi
Loba “tanda trima kasih”
( 5 )
Luhur pangkat sieup ku pamor
Tumpak sedan indit ka
kantor
Mun di kantor taya nu
negor
Ka bawahan gawe sesengor
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Satu, dua , tiga, empat
Unggal taun naek pangkat
Kabeh pagawe ngahormat
Sakapeung loba nu jilat
( 6 )
Luhur pangkat gede kawasa
Rukal rikel nyusun rencana
Mundar mandir manca nagara
Ujag-ajig rapat sawala
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
One, two, three, four,
five, seven
Diajar Inggris rek temen
Arek hirup sing modern
Sangkan ku dunya ka angken
( 7 )
Lamun beunghar tembong komara
Hirup royal tambah sugema
Arek ngirit dunya barana
Malar reugreug numpuk
pakaya
Aduh… kabiruyungan
Aduh… kasinugrahan
Sawal, Hapit jeung
Rayagung
Unggal bulan luntang
lantung
Unggal bulan ngeduk untung
Kawin deui “boleh langsung”
Sapar, Mulud, Sawal, Hapit
Muhit duit jeung ririwit
Unggal bulan ngeduk duit
Unggal bulan “Rumah Sakit”
One, two, three, four play
forty one
Basa Inggris tatambalan
Sok hirup roroyalan
Nyebar mencar popotongan
Bandung, 18 Juli 1961
42. LANGIT CEUDEUM
Langit ceudeum kulawu
Nungkup alam marcapada
Duh ieung !
Langit ceudeum kulawu
Nungkup tangtung murba
raga
Duh ieung !
Langit ceudeum kulawu
Nungkup kalbu murba rasa
Duh ieung !
Na dimana alam kuring
Tangtung kuring rasa
kuring
Kuring pangling kuring
pangling
(duh) langit pangling
Bandung, 13 Juli 1961
43. MALATI DI GUNUNG
GUNTRUR
Wahyu
Wibisana
Malati
di gunung Guntur
Seungitna
sungkeman ati
Bodas
sesetraning rasa
Jadina
dina mumunggang – Leuweung larangan
Malati
di gunung Guntur
Hanjakal
henteu dipetik
Beja
geus aya nu boga
Ngahaja
melak di dinya – para Guriang
Ayeuna
kuring geus jauh
Malati
sosoca gunung
Boa
geus aya nu meutik
Duka ku
saha
Kamari
jol aya beja
Malati
ratna mumunggang
Majar
can aya nu metik
Duka ku
naon
Malati
di gunung Guntur
Ligar
dina panineungan
Na saha
nu baris metik
Kuring
mah da puguh jauh – Biheung kadongkang
Bandung, 9
Desember 1963
30 Januari 1964
44. M A L I N D E S
( 1 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini
Rek sina mikiran soal pembangunan
Leuh pantes bodo pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu
+ Ieuh nyai geura lalilir
Jiwa lampah kudu digilir
Entong wungkul sukan-sukan
Kapan geus waktuna pembangunan
|
Na da ieu ge teu keur sare
Jiwa sareng lampah nu kumaha
Ari kitu
Lah bisa we ka batur mah
|
-
Hoyah Bapa licik sorangan
Geuning lucu seueur alesan
Pajar nempuh pembangunan
Sihoreng teh ngatur pangulinan
|
Ari taeun teh licik kumaha
Alesan palebah manana
Ari kitu
|
+Najan ulin ngandung maksud
- Maksudna nungtun ramijud
+Ulin soteh keur usaha
- Usaka keur suka ria
+Nyai oge geuning ningkah
- Da bongan bapa sarakah
+Gampang nuduh
- Bapa oge angkuh, kabisa ulin teu
puguh
( 2 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini
Rek nyoba dijajal tina hal social
Leuh pantes taya akal
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu
+ Nyai masing daek sosial
Amal hajat rijki nu halal
Entong nurutan barudak
Datang nu musapir dibuburak
|
Kapan kamari ngajajanan
Lah, na aya halon kakupingna
Na kumaha?
Eta mah ngabuburak hayam
|
-
Ieuh naha
bapa uninga
Tadi kadongkapan tatangga
Beas bagian manehna
Ku bapa diringkid sadayana
|
Na aya peristiwa naon
Tatangga! Rek naon cenah
Ari kitu
|
+Rek social pangnebuskeun
- Tapi teu terus dibikeun
+Saenyana bapa butuh
- Tapi tatangga nu ripuh
+Geuning Nyai ku usilan
- Da bongan dimimitian
+Bapa ambek
- Abdi oge ambek, da bapa koret jeung
hawek
( 3 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini
Rek nyoba diuji, soal Ekonomi
Leuh pantes moal ngarti
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu
+ ieuh Nyai masing parimpen
Duit kudu mayeng disimpen
Nyimpen kakara saratus
Tapi maksa nganjuk tujuh ratus
|
Kantenan we
Unggal sasih ge nyengcelengan
Ari kitu?
|
-
Hoyah bapa oge osok curang
Nyumput nimbun barang digudang
Kajeun ra’yat kalangkabut
Ngelemet dijual harga catut
|
Ah gagabah teuing,
Sasalinkeran soteh, sieun polisi
Ari kitu
|
+Kapan taktik cari untung
- Tapi ra’yat jadi bingung
+Ekonomi dikuatan
- Bapa nu untung sorangan
+Nyai oge resep nganjuk
- Kapan kabutuhan numpuk
+Kudu perih
- Beuteung peurih, katambah loba nu
nagih
( 4 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini
Rek nanya sing telik tina hal
pulitik
Leuh pantesna the ceurik
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu
+ Nyai kudu ngarti pulitik
Buku-buku perlu diulik
Pulitik kanagaraan
Tong disarwakeun jeung kacantikan
|
Pulitik dapur mah ngartos
Lah teu ari, mending maca komik
Adikumahakeun
Bias sorangan bapa mah
|
-
Ieuh bapa pinter ngan licik
Taktik telik ngulik pulitik
Turta ngarti ngan meueusan
Tapi nu dierong kadudukan
|
Licik kumaha
Puguh we, da tepi ka rieut jangar
Ari kitu?
|
+Kapan hayang bela ra’yat
- Da ra’yat tetep masakat
+Hirup leutik kudu tuman
- Perlu ku Bapa contoan
+Bapa kungsi dahar “singkong”
- Tapi jeung kiju mantega
+Entong loba ngomong
- Ulah songong sombong, ditambah
jeung gede bohong
( 5 )
Itu aya istri, angkat andalemi
Arek diajak diskusi
Leuh siga nu pasini
Sina ngamanaan soal Persatuan
Leuh pantes tolol pisan
Heu-heu-heu-heu-heu-heu-heu
+ Ieuh Nyai kudu bersatu
Sangkan nagri kuat tur maju
Ulah pedah teu nyambungan
Geuning jeung
tatangga mumusuhan
|
Kantenan we, supados teguh
Kadangkala irian ge tiasa karebut
Haar na kumaha kitu
Sanes musuh, isin patepang
|
-
Euleuh bisa wae pidato
Geuning tadi bapa kapergo
Silih cakar jeung geureuha
Bongan lami teuing di nu ngora
|
Tukang anjuran tea..
Euh, basa di imah tea
Ceuk saha?
|
+Latihan keur persatuan
- Latihan panyerewedan
+(da) teu ngalawan ukur nyentak
- Tapi make surat talak
+Kapan isuk rek diruju
- Persatuan cala-culu
+Persatuan
- Geuning perceraian, tungtungna
awut-awutan